Mr. SJAFRUDDIN PRAWIRANEGARA
PRESIDEN RI-2 NU KAPOPOHOKEUN
Dina bulan Desember bangsa Indonesia perlu
diingetkeun ngenaan peran kader Masyumi anu satungtung ieu dipopohokeun.
Padahal jasana ka ieu nagara kacida gedena. Tapi kusabab sajarah ieu nagara
dijieun ku urang sekuler, nya jasa-jasa tokoh Masyumi the tara dituliskeun, nu
nyababkeun generasi anu alanyar mah teu mikawanohj kana jasa aranjeunna. Salah
sahijitokoh Masyumi anu dimomorekeun the nyaeta Mr. Sjafruddin Prawiranegara,
Presiden RI anu kadua.
Salaku nu nyangking kalungguhan Presiden, umumna
urang Indonesia ngan mikawanoh Soekarno, Soeharto, BJ. Habibie, Abdurrahman
Wahid, Megawati jeung SBY. Padahal masih keneh aya dua presiden deui anu arang
pisan disebut, nyaeta MR. Sjafruddin Prawiranegara jeung Mr. Asaat.
Sjafruddin Prawiranegara lahir di Banten, 28
Pebruari 1911. Anjeunna mangrupa pejuang dina jaman kemerdekaan Republik
Indonesia anu oge kungsi nyangking kalungguhan Presiden/Ketua PDRI (Pemerintah
Darurat Republik Indonesia) nalika pamarentahan Republik Indonesia di
Yogyakarta dikawasa ku Belanda nalika Agresi Militer Belanda II tanggal 19
Desember 1948.
Sanajan statusna salaku mantan pejabat Negara
anu oge milu kadaulatan RI, Sjafruddin dina mangsa pangsiunna hirup pinuh ku
kasederhanaan. Anjeunna malahan kungsi nolak hiji imah pamere Presiden Soekarno
di jalan Diponogoro. 10 Menteng, Jakarta Pusat. Alesanna anjeunna teu daek
narima barang anu dibayar ku pajak rahayat. Hiji-hijina imah titinggal
Sjafruddin nyaeta imah anu ayeuna geus diwariskeun ka pala-putrana anu lokasina
di Gedung Hijau Raya Pondok Indah Jakarta Selatan tempat anjeunna tilar dunya.
Sumber: Bina Da’wah Edisi 405 (Shafar 1435
H-Desember 2013)